Batu Akik Waktos uih ti kampus, Bambang Papanggih sareng Citra nu nuju tuang di kantin kampus. Bambang : “Yo Cit, nyalira wae tuangna ?” Citra : “Muhun Bang, hayu atuh urang tuang sasarengan!” Bambang : “Ah moal Cit, abdi mah wareg keneh tadi sateuacan ngampus atos neda di bumi.” Citra : “Oh enya atuh. Ari Fajrul kamana Bang ?” Bambang : “Teu terang atuh teu acan papendak sareng Fajrul.” Pas nuju ngobrol, jol-jol aya sora ngagorowok ti tukangeun Bambang sareng Citra. Fajrul : “Baaaaang....” ...
A. Boy-boyan Boy-boyan teh salah sahiji kaulinan anu maké bal (biasana saukuran bal ténis) anu bisa dijieun tina kertas anu dikuwel-kuwel atawa ku bal ténis na. Tuluy, dikumpulkeun potongan kenténg (10 ~ 15) sina ngajajar kaluhur. Kabeh anu teu jadi ucing, saurang-saurang ngalungan kana kenténg anu geus ngéntép, minangka nepikeun salah saurang bisa ngaruntuhkeunana. Lamun kénténg na geus runtuh, anu jadi ucing tuluy ngaberikkan ka anu maen tadi sangkan beunang dibaledog ku bal-na. Lamun aya anu keuna, pamaén kaluar tina ulinan nepikeun kabeh kabalèdog ku bal-na. B. Endog-endogan Endog-endogan nyaéta kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endog na peupeus nuturkeun kawih. Biasana diulinkeun bari diuk, minimal diulinkeun ku 2 urang. Terus leungeun dipeureupkeun disimpen dihandap. Posisina aya anu bari nangtung aya anu bari nangkub. Sabada digoleangkeun (digoya...