Batu Akik
Waktos uih ti kampus, Bambang Papanggih sareng Citra
nu nuju tuang di kantin kampus.
Bambang : “Yo Cit, nyalira wae tuangna ?”
Citra : “Muhun Bang, hayu atuh urang
tuang sasarengan!”
Bambang : “Ah moal Cit, abdi mah wareg keneh tadi
sateuacan ngampus atos neda di bumi.”
Citra : “Oh enya atuh. Ari Fajrul
kamana Bang ?”
Bambang : “Teu terang atuh teu acan papendak
sareng Fajrul.”
Pas nuju ngobrol, jol-jol aya sora
ngagorowok ti tukangeun Bambang sareng Citra.
Fajrul : “Baaaaang....”
Bambang : “Eh eta sora naon Cit ? asa aya anu
ngageroan abdi euy ?”
Citra : “Eta si Fajrul geuning Bang,
panjang umur Fajrul nembe oge diobrolkeun.”
Fajrul : “Kieu deleng watu akik enyong
anyar, mbene tuka luh winginane. Apik ya ?”
Bambang : (Ngahuleng heula sakedap kusabab
teu ngarti) “Naon atuh Jrul, abdi teu ngartos bahasa Jawa.”
Citra : “Enya Jrul, abdi oge sami
teu ngartos.”
Fajrul : “Oh enya hilap. Kieu atuh kieu
urang Sundakeun. Tingal yeuh batu akik abdi, anyar nembe meser kamari, sae nya
?”
Citra : “Wah enya sae Jrul, meser
dimana eta ?”
Fajrul : “Meser di Soekarno-Hatta Cit.”
Bambang : “Naha nyalira resep-resep teuing kana
batu akik ?”
Fajrul : “Enya ayeuna mah keur usum batu
akik teh, tingali bapa satpam sareng tukang batagor oge ngangge batu akik.
Maenya abdi henteu. Hehe...”
Bambang : “Oh kitu.”
Citra : “Bambang ulah kitu ih, ulah
singkat-singkat. Karunya Fajrul atos nyarios panjang lebar.”
Bambang : “Ah bae waeda abdi mah teu resep, teu
ngarti batu akik.”
Fajrul : “Ah Bambang mah teu gaul.”
Citra : “Eh naha kalakah pasea.
Atos-atos ulah pasea di kantin ! Isin ku batur.”
Bambang : “Saha nu pasea nya Jrul ?
Citra : “Eta tadi geuning silih ejek?”
Fajrul : “Henteu ih, etamah biasa wae.”
Bambang : “Abdi sareng Fajrul mah tara pasea.
Sabab abdi sareng Fajrul mah tos sobatan ti baheula.”
Fajrul : “Tah leres pisan. Bambang mah
atos siga dulur keur abdi.”
Citra : “Nah kitu atuh, pan resep
ditingal na oge. Eh Bang, Jrul abdi tipayun nya uih na. Atos dijemput di caket
pos satpam.”
Fajrul : “Oh mangga Cit.”
Citra : “Assalamu’alaikum.
Fajrul,
Bambang : “Wa’alaikum salam.
Comments
Post a Comment