Skip to main content

Posts

Showing posts from 2015

PAGUNEMAN

Batu Akik Waktos uih ti kampus, Bambang Papanggih sareng Citra nu nuju tuang di kantin kampus. Bambang          : “Yo Cit, nyalira wae tuangna ?” Citra                 : “Muhun Bang, hayu atuh urang tuang sasarengan!” Bambang          : “Ah moal Cit, abdi mah wareg keneh tadi sateuacan ngampus atos neda di bumi.” Citra                 : “Oh enya atuh. Ari Fajrul kamana Bang ?” Bambang          : “Teu terang atuh teu acan papendak sareng Fajrul.”             Pas nuju ngobrol, jol-jol aya sora ngagorowok ti tukangeun Bambang sareng Citra. Fajrul                : “Baaaaang....” Bambang          : “Eh eta sora naon Cit ? asa aya anu ngageroan abdi euy ?” Citra                 : “Eta si Fajrul geuning Bang, panjang umur Fajrul nembe oge diobrolkeun.” Fajrul                 : “Kieu deleng watu akik enyong anyar, mbene tuka luh winginane. Apik ya ?” Bambang          : (Ngahuleng heula sakedap kusabab teu   ngarti) “Naon atuh Jrul,   abdi teu ngartos bahasa Jawa.

KAULINAN BARUDAK

A.     Boy-boyan Boy-boyan teh salah sahiji kaulinan anu maké bal (biasana saukuran bal ténis) anu bisa dijieun tina kertas anu dikuwel-kuwel atawa ku bal ténis na. Tuluy, dikumpulkeun potongan kenténg (10 ~ 15) sina ngajajar kaluhur. Kabeh anu teu jadi ucing, saurang-saurang ngalungan kana kenténg anu geus ngéntép, minangka nepikeun salah saurang bisa ngaruntuhkeunana. Lamun kénténg na geus runtuh, anu jadi ucing tuluy ngaberikkan ka anu maen tadi sangkan beunang dibaledog ku bal-na. Lamun aya anu keuna, pamaén kaluar tina ulinan nepikeun kabeh kabalèdog ku bal-na. B.      Endog-endogan Endog-endogan nyaéta kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endog na peupeus nuturkeun kawih. Biasana diulinkeun bari diuk, minimal diulinkeun ku 2 urang. Terus leungeun dipeureupkeun disimpen dihandap. Posisina aya anu bari nangtung aya anu bari nangkub. Sabada digoleangkeun (digoyang) barudak bari kakawihan. Kawihn

TEKS DRAMA BAHASA SUNDA

“PASANGGIRI BENCONG ROMBENG” ADEGAN 1 Dina hiji poe anu caang mentrang ngahiliwir angin anu sepoy sepoy. Aya hiji pamuda anu keur kasmaran ku bakat bogoh pisan ka kabogohna. Komar             : “Duh, my neng nuju naonnya ? meni sono kieu ka my neng. Ah... urang sms     ah. Eh, henteu ah hoyong ngadangu sora my neng.” (Komar nelepon kabogohna) Esih                 : “Halooo...” Komar             : “Halooo my neng. Nuju naon ? Nuju dimana ? Nuju sareng saha ? Atos emam teu acan ? teu kenging hilap emam nya. Terus atos shalat teu acan ? teu kenging hilap oge nya” Esih                 : “Calik. Di bumi. Nyalira. Atos. Enya. Atos. Enya” (bari tiis rarayna) Komar              : “Oh sae atuh my neng alhamdulillah” Esih                  : “Muhun. Aya naon ayang beb nelepon?” Komar             : “Akang teh sono ka my neng” Esih                 : “Neng oge sono pisan ka ayang beb” Komar              : “Pependak yu my neng. Di tempat nu biasa we hehe” Esih