“PASANGGIRI BENCONG ROMBENG”
ADEGAN
1
Dina hiji poe anu caang
mentrang ngahiliwir angin anu sepoy sepoy. Aya hiji pamuda anu keur kasmaran ku
bakat bogoh pisan ka kabogohna.
Komar :
“Duh, my neng nuju naonnya ? meni sono kieu ka my neng. Ah... urang sms
ah. Eh, henteu ah hoyong ngadangu sora my
neng.” (Komar nelepon kabogohna)
Esih :
“Halooo...”
Komar :
“Halooo my neng. Nuju naon ? Nuju dimana ? Nuju sareng saha ? Atos emam teu
acan ? teu kenging hilap emam nya. Terus atos shalat teu acan ? teu kenging
hilap oge nya”
Esih :
“Calik. Di bumi. Nyalira. Atos. Enya. Atos. Enya” (bari tiis rarayna)
Komar :
“Oh sae atuh my neng alhamdulillah”
Esih :
“Muhun. Aya naon ayang beb nelepon?”
Komar :
“Akang teh sono ka my neng”
Esih :
“Neng oge sono pisan ka ayang beb”
Komar :
“Pependak yu my neng. Di tempat nu biasa we hehe”
Esih :
“Hayu ayang beb. Kumaha mun jam dua ayang beb?”
Komar :
“Oke siap my eperiting, muaaaah”
ADEGAN
2
*Komar patepang sareng Esih di warung Ma
Ecin.*
Komar :
“Ieu si neng kamana? Tos sajam ngantosan si eneng, kamana nya ?”
*Teu kungsi lami Esih datang.*
Esih :
“Eh akang.....”
Komar :
“Eh eneng tos dongkap.”
Esih :
“Atos lami ngantosanna?”
Komar :
“Ah henteu, akang oge nembe pisan dongkap. Padahal mah tatadi. (nyarios dina jero
hate)”
Esih :
“Sugan teh ti tadi hehe.”
Komar :
“My neng, ayang beb bade nyarios serius sareng my neng.”
Esih :
“Nyarios naon ayang beb?
Komar :
“Ayang beb atos teu kiat” (bari nungkul ku sabab isin)
Esih :
“Teu kiat naon beb? Neng mah alim ah” (bari ngajauh kasieunan)
Komar :
“Naon ari my eneng. Maksad akang mah akang teh atos teu kiat hoyong nulis nama
neng di buku nikah”
Esih :
“Hah?” (ngahuleng ku sabab reuwas)
Komar :
“Heh hoh. Enya akang teh hoyong gera nikah sareng my neng.”
Esih :
“Mun enya ayang beb hoyong nikahkeun neng. Dongkap atuh ka bumi tepangan ema
supados nyarios langsung ka ema”
Komar :
“Hayu atuh neng ayeuna!”
ADEGAN
3
Komar
jeung Esih langsung angkat nepangan ema na Esih kanggo nyarioskeun niat Komar
anu bade nikahkeun Esih.
Esih :
“Assalamualaikum. Emaaa”
Ema :
“Waalaikumsalam. Eh budak ema atos uih. Ari ieu saha?” (bari ninggali Komar ti
handap neupikeun ka luhur)
Komar :
“Assalamualaikum ma, kenalkeun abdi Komar kabogohna Esih” (bari salam ka ema)
Ema :
“Hah? Ari Esih ti iraha gaduh kabogoh? Naha ema kakarek apal? Sok atuh kalebet
heula, ngobrolna dilebet!”
*Langsung Komar, Esih jeung Ema caralik
di ruang tamu*
Komar :
“Ema.. Maksad abdi nepungan ema teh sanes teu kirang sopan tapi abdi bade
nyarios ka Ema Komar teh bade nikah sareng Esih.”
Ema :
“Eleuh eleuh, kakara oge ema apal Esih gaduh kabogoh ayeuna atos hoyong nikah
wae. Emang Komar gaduh naon bade nikahkeun anak ema?”
Komar :
“Nyaeta Ema, Komar teh sabenerna mah teu acan gaduh artos kangge nikah sareng
Esih. Tapi Komar jangji Komar bade milarian heula acisna demi nikah sareng my
neng.”
Ema :
“Oh kitu, sok we heula Komar pilarian artosna. Upami atos aya Komar dongkap
deui we kadieu!”
Komar :
“Muhun ma ari kitu mah siap.”
ADEGAN
4
Saparantos uih ti bumi
Esih, pas nuju di jalan Komar pependak sareng Dayat.
Dayat :
“Komaaaaar!” (Ngagorowok tarik)
Komar :
“Eh Dayat, aya naon Yat?”
Dayat :
“Maneh ti mana?”
Komar :
“Ti imahna si Esih, urang teh hayang nikah jeung si Esih tapi urang bingung teu
boga duit euy yat.”
Dayat :
“Kabeneran yeuh urang boga info. Yeuh
baca yeuh!” (bari ngasongkeun koran ka Komar)
Komar :
“Innalillahiwainnaillaihirojiun.”
Dayat :
“Eh naha Innalillahi? Tibalik ari maneh tah nu tukangna!”
Komar :
“Ari sia ieu mah acara pasanggiri keur awewe lain keur lalaki ! (Bari
sesentakan ka Dayat). Tapi bae ketang asal urang boga duit. Lumayan hadiahna
gede gening hehe”
Dayat :
“Tah kitu atuh, naon hesena kari nyamar jadi awewe hahaha”
ADEGAN
5
Enjingna,
Komar jeung Dayat siap-siap ngiringan audisi. Singkat carita Komar sareng Dayat
lolos audisi. Teu di sangka Komar sareng Dayat lebet ka babak opat besar.
MC :
“Assalamualaikum warrohmatullohi wabarokaaaaatuh. Papendak deui sareng sim
kuring Citra Citato dina acara Pasanggiri Awewe Bohay !!! Seteuacan arurang
ninggali penampilan para peserta anu kece-kece didieu aya tilu juri anu teu
eleh kece na. Nu kahiji aya Syaaaaaahrisma. Nu kadua aya Saepul Jamilah. Nu
katilu aya Ivan Gu... Gunaon sih?”
Ivan :
“Guguruntulan !” (bari sewot ka MC)
MC :
“Ohh hahaha. Langsung wae nya ka peserta nu kahiji. Urang tampilkeun Pira
Kembang.”
*Pira nampilkeun pupuh*
MC :
“Mana keprokna kanggo Pira Kembaaaang. Juri kumaha komentarna?”
Syarisma :
“Hai Pira Kembang. Uhh ulala pisan nyanyikeun eta pupuh. Meni sae sorana.”
Ivan :
“Kostum anu di pake ku pira teu sesuai sareng tema laguna. Ongkoh syar’i tapi
goyangna meni hot pisan hehe”
MC :
“Oke, langsung ka peserta kedua. Urang sambut penampilan ti Dayatiningsih.”
*Dayat nampilkeun nyanyian diiringkeun
ku gitar*
MC :
“Sae pisan Dayatiningsih nyanyina neupikeun ngahiung ieu ceuli abdi. Langsung
wae ka komentar juri, mangga Saipul Jamilah.”
Saepul :
“Edaaan, alus pisan mainkeun gitarna. Diajar ku saha?”
Ivan :
“Alus ti belah mana na euy? Kostum na mah alus tapi sora jeung gitar mah fals.”
MC :
“Nuhun komentarna para juri. Penampilan ka tilu aya Syahrima.”
*Syahrima nampilkeun nyanyian*
Syahrisma : “Ehh naha eta mah jiplak pisan abdi, meni teu kereatip ih.”
Syahrima :
“Pan abdi ngafans pisan ka Syahrisma hehe”
Saepul :
“Ah biasa wae, geus mah nurutan salah deui. Fix Butut”
MC :
“Waaaaw komentar nu luar biasa ti juri-juri. Nu terakhir ayeuna aya Komara
Blazezskie.”
*Komar nampilkeun acting, Juri miwarang
Komar acting kumaha kahoyong juri*
Saepul :
“Actingna biasa wae tapi lumayan lah katutupan ku geulis. Pantesna mah jadi
model sanes artis”
Ivan :
“Satuju ari geulis mah, baju na oge atos sae.”
MC :
“Sadaya paserta atos nampilkeun bakatna masing-masing. Ayeuna waktosna
ngumumkeun saha anu juarana. Siap penonton? Pemenangna nyaetaaaa Komara
Blazenskie, selamat ka Tarama berhak menangkeun artos sanilai sapuluh juta
rupiah”
*Teu kungsi lila saatos diumumkeun
juarana jol Esih datang ka studi*
Esih :
“(maledog Komar ku sandal capit) Ari akang nanaon aya di didieu? Ari akang jadi
bencong? Isin Esih mah isin gaduh calon caroge anu kieu patut. Amit-amit mun
caroge Esih teh banci. Atos ah neupi dieu we hubungan teh, muak Esih mah. Esih
Akang end !” (Esih aambekan ka Komar ku bakat kacewa)
Komar :
“Esih ulah ninggalkeun akang. Akang teu bisa hirup tanpa Esih. Esihhhhh....”
MC :
“Ohhh pamirsa, geuningan Komara Blazenskie teh lalaki. Berarti nu menangna
nyaeta Syahrimaaa”
Komar :
“Ah aing mah kawin teu jadi, meunang duit teu jadi, nasib nasib !“
Comments
Post a Comment