A.
Boy-boyan
Boy-boyan teh salah
sahiji kaulinan anu maké bal (biasana saukuran bal ténis) anu bisa dijieun tina
kertas anu dikuwel-kuwel atawa ku bal ténis na. Tuluy, dikumpulkeun potongan
kenténg (10 ~ 15) sina ngajajar kaluhur. Kabeh anu teu jadi ucing,
saurang-saurang ngalungan kana kenténg anu geus ngéntép, minangka nepikeun
salah saurang bisa ngaruntuhkeunana. Lamun kénténg na geus runtuh, anu jadi
ucing tuluy ngaberikkan ka anu maen tadi sangkan beunang dibaledog ku bal-na.
Lamun aya anu keuna, pamaén kaluar tina ulinan nepikeun kabeh kabalèdog ku
bal-na.
B.
Endog-endogan
Endog-endogan nyaéta
kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa
endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.
Biasana diulinkeun bari diuk,
minimal diulinkeun ku 2 urang. Terus leungeun dipeureupkeun disimpen dihandap.
Posisina aya anu bari nangtung aya anu bari nangkub. Sabada digoleangkeun
(digoyang) barudak bari kakawihan. Kawihna siga kieu : "Endog
endogan….endogna peupeus hiji..pre". Mun nyubut pre langsung leungeun anu
tadina meureup ditemprakeun. Mimiti anu ditemprakeun anu paling handap tuluy
sampe kaluhur. Mun leungeunna geus euweuh anu meureup deui dikawihkeun deui...
Goleang goleang Mata sapi bolotot... Bari handapeun mata barudak sok silih dibeyeng
kahandap ku sorangan.
C.
Luncat tali
Luncat tali nyaéta
kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik
diluhurkeun.
Dipaenkeun ku 3 urang-leuwih make
tali nu panjang, biasana tina bahan nu leuleuy liat sangkan teu ngabahayakeun
atawa tisaringked. Kulantaran iue, biasana tali teh dijeiun tina karet geulang
ditumbu-tumbukeunkeun jadi panjang. Mimiti dua budak jaga, maksudna nu
nyepengan ujung talina ti mulai semet tuur tuluy naek ka luhur ka semet
"taeun" tuluy, bujal, dada, ceuli, hulu, tuluy diacungkeun ku
leungeun.
Cara maenna, budak nu teu nyekel
tali kudu ajleng saluhureun bates tali tea. Keur wates tuur jeung
"taeun" nu ajleng teh teu teu meunang antel kana tali, antel manehna
lasut alias kudu gentenan nyekel tali. Ti mimiti wates bujal ka luhur, nu
ajleng meunang antel kana tali. Beunang oge make tehnik "dikepoh"
nyaeta suku kenca meulit kana tali dipurilitkeun, tuluy disusul suku katuhu
ngajleng ka beulah sisi sebrangeun nu ngajleng tea
D. Ngadu kaléci
Ngadu
kaléci nyaéta kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.
Palaturan
Kaulinan ieu
paling henteu kudu dimaenkeun ku duaan. Dibutuhkeun kaleci (pincian) jang
maenkeunana. Hiji pincian jang pamatah nu sejena jang mayar mun eleh.
Ngadu kaleci
perlu lahan nu rada lega. Paling henteu saukuran lapangan poli atawa
satengahna. Makana mun maraen pincian teh di pakarangan imah nu lega. Dina area
ngadu kaleci dijieun dua garis nu sajajar. Jarak garis kahiji ka garis kadua
sekitar...er..paling henteu 4 meter.
Cara
maenkeunana kieu:
a) Pemain
narangtung di garis nu kahiji siap-siap ngalungkeun kaleci. Tujuan ngalungkeun
ngarah kaleci lagragna deukuet ka garis nu kadua, syukur-syukur pas dina garis
(telep). Urutan ngalungkeun mun kakarek maen biasana diundi make cara sut
(gangsut).
b) Pemaen
nu kalecina lagragna pang deukeutna kana garis maen pangheulana. Di susul ku nu
sejena dumasar kana jarak ka garis. Cara maenekuna make ramo tangan kaleci
diarahkeun ka kaleci batur. Mun beunang budak nu kalecina beunang kudu mayar ku
kaleci, oge langsung ngarah kaleci nu sejena. Hiji. Mun teu beunang nya enggeus
ingkeun nungguan bisi kaleci urang rek diarah ku batur.
E.
Ucing sumput
Ucing-ucingan nyaéta
kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing
ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya
rupa-rupa aturan.
Kaulinan ieu kawentar di mamana,
hususna di Indonesia. Nu maen pangsautikna 2 budak tapi tangtu leuwih loba
leuwih rame. Salah saurang budak kapeto jadi jaga ku cara hompimpah jeung atawa
suten.
Cara ulinna, kabeh budak salian nu
'jaga' nyumput/nyamuni sabuni-bunina. Budak nu jaga boga pancen kudu nimukeun
babaturanna ieu. Sacara umum, budak nu pangheulana kapanggih panyumputanna jadi
jaga mun sakabeh budak geus kapanggih. Barudak nu geus kapanggih bisa mantuan
neangan sesa baturna nu can kapanggih, bisa oge henteu gumantung aturan maen nu
disatujuan samemeh maen.
Aturan maen nu sejenna biasana mah
ngeunaan wewengkon nyaeta wates-wates panjauhna hiji budak meunang
nyumput/nyamuni teh diatur dina aturan maen teh nu disatujuan samemeh maen. Mun
aturan ieu aya nu ngalanggar, budak nu ngalanggar otomatis ngagantikeun nu
jaga, atawa jadi jaga di ronde saanggeusna mun manehna kapanggih
pangpandeurina.
Comments
Post a Comment